Sony Xperia E - Nempo poto sareng video nu disimpen di telepon

background image

Nempo poto sareng video nu disimpen di telepon

Dina panempoan grid tab Gambar di Albeum, Anjeun tiasa nempo gambar leutik poto

sareng video. Anjeun tiasa oge buka panempoan daptar sadaya albeum tur

panggihan eusi di unggal polder.

Langlangan Gambar tab

1

Tampilan grid poto jeung video

2

Total jumlah poto sareng video.

73

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

3

Kaping sareng jumlah aitem dina grup di handap ieu.

4

Ketok hiji poto atawa video pikeun nempokeunana.

5

Gulung ka luhur atawa ka handap pikeun nempo eusi.

6

Pindah ka daptar sadaya polder nu ngandung gambar jeung video nu disimpen dina telepon Anjeun.

7

Tampilan daptar sadaya polder nu ngandung gambar jeung video nu disimpen dina telepon Anjeun.

8

Ketok pikeun mulang ka tampilan grid dina Gambar tab.

9

Jumlah polder nu ngandung gambar jeung video.

10 Polder nu ngandung sadaya gambar nu dicandak ku kamera telepon Anjeun.

11 Polder nu ngandung sadaya video nu dicandak ku kamera telepon Anjeun.

12 Sadaya polder sejenna nu ngandung gambar jeung/atawa video nu diundeur atawa ditiron ka telepon

Anjeun.

Pikeun nempo poto sareng video di panempoan grid

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Albeum. Sadaya poto sareng video dipintonkeun dina grid

nu disusun sacara berurutan. Video diindikasikeun ku .

3

Ketok hiji poto atawa video pikeun nempokeunana.

4

Sintreuk kenca pikeun nempo poto atawa video salajengna. Sintreuk ka katuhu

pikeun nempo video atawa poto nu samemehna.

Upami orientasi layar teu robah sacara otomatis sawaktos Anjeun muterkeun telepon ka gigir,

cirian kotak centang Muter layar otomatis di handapeun Setelan > Layar.

74

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun nempo poto sareng video di panempoan daptar

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Albeum > Gambar.

3

Ketok . Polder nu ngandung poto sareng video nu dicandak nganggo kamera

telepon eta dipintonkeun di bagean luhur. Sadaya polder sejenna nu ngandung

gambar sareng video nu disimpen ka telepon Anjeun dipintonkeun dina urutan

aksara.

4

Ketok polder nu Anjeun hoyong buka. Eusi polder nembongan dina grid nu

disusun sacara kronologis. Video diindikasikeun ku .

5

Ketok hiji poto atawa video pikeun nempokeunana.

6

Sintreuk kenca pikeun nempo poto atawa video salajengna. Sintreuk ka katuhu

pikeun nempo video atawa poto nu samemehna.

Upami orientasi layar teu robah sacara otomatis sawaktos Anjeun muterkeun telepon ka gigir,

cirian kotak centang Muter layar otomatis di handapeun Setelan > Layar.

Pikeun ngarobah ukuran gambar leutik di Albeum

Sawaktos Anjeun keur nempo gambar leutik poto sareng video di Albeum,

lebarkeun dua jari Anjeun pikeun zum gede, atawa ciwit dua jari Anjeun

babarengan pikeun zum leutik.

Pikeun ngagawekeun bets poto atawa video di Albeum

1

Sawaktos nempo gambar leutik poto sareng video di Albeum, pencet tur

ketok Pilih item pikeun ngaktipkeun mode nu dipilih.

2

Ketok item-item nu Anjeun hoyong gawekeun. Item-item nu dipilih ditandaan ku

pigura warna bulao.

3

Pake alat dina tulbar di bagean luhur layar pikeun digawe sareng item nu tos

Anjeun pilih.

Pikeun ngaktipkeun mode pamilihan, Anjeun oge tiasa noel jeung nahan hiji item nepi ka

pigura-na robah warna ka warna bulao. Teras Anjeun tiasa ngetok item sejenna pikeun milih

item-item eta.

Gawe sareng poto dina Albeum

Anjeun tiasa ngedit poto dina Albeum. Contona, Anjeun tiasa motong poto,

ngahubungkeun poto sareng kontak, atawa make poto eta jadi wallpaper.

Pikeun ngazum poto

Sawaktos Anjeun keur nempo poto, ketok dua kali layar pikeun zum gede. Ketok dua

kali deui pikeun zum leutik.

Sawaktos Anjeun keur nempo hiji poto, lebarkeun dua jari Anjeun pikeun zum gede,

atawa ciwit dua jari Anjeun babarengan pikeun zum leutik.

Pikeun lalajo pintonan slaid poto Anjeun

1

Sawaktos Anjeun keur nempo hiji poto, pencet tur ketokPintonan geser

pikeun mimiti muterkeun sadaya poto di albeum.

2

Ketok hiji poto pikeun ngeureunkeun pintonan slaid.

Pikeun muirkeun poto

1

Sawaktos Anjeun keur nempo hiji poto, pencet .

2

Pilih Puter ka kenca atawa Puter ka katuhu. Poto eta disimpen dina orientasi

nu anyar.

75

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun motong poto

1

Sawaktos Anjeun keur nempo hiji poto, pencet , teras ketok Potong.

2

Pikeun nyaluyukeun pigura pamotongan, toel jeung tahan ujung pigura

pamotongan. Sawaktos kotak nu aya di ujung teu nembongan deui, sered ka

jero atawa ka luar pikeun ngatur ukuran pigura.

3

Pikeun ngatur ukuran sadaya sisi ti pigura nu dipotong dina waktu nu

babarengan, toel jeung tahan salah sahiji ti opat sudut eta pikeun nyieun kotak

nu di ujung teu nembongan deui, teras sered sudut eta ka arah nu sasuai.

4

Pikeun mindahkeun pigura pamotongan ka widang nu lian dina poto, toel jeung

tahan bagean lebet pigura, teras sered ka posisi nu dipikahoyong.

5

Pikeun nyimpen tironan poto sasuai jeung nu Anjeun potong, ketok Potong.

Versi nu teu dipangkas asli dina panyimpenan asli tetep aya dina kartu memori

Anjeun.

Pikeun nganggo poto jadi gambar kontak

1

Sawaktos Anjeun keur nempo hiji poto, pencet , teras ketok Pake jadi >

Gambar kontak

.

2

Pilih kontak nu Anjeun hoyong gabungkeun sareng poto eta.

3

Potong poto, mun dipenta.

4

Ketok Potong.

Pikeun make poto jadi wallpaper

1

Sawaktos Anjeun keur nempo hiji poto, pencet , teras ketok Pake jadi >

Wallpaper

.

2

Potong poto, mun dipenta.

3

Ketok Potong.

Pikeun ngedit poto

Sawaktos Anjeun keur nempo hiji poto, pencet , teras ketok Edit poto.

Pikeun ngabagikeun poto

1

Sawaktos Anjeun keur nempo hiji poto, ketok layar pikeun mintonkeun tulbar,

teras ketok .

2

Dina menu nu muka, ketok aplikasi nu Anjeun hoyong pake pikeun

ngabagikeun poto eta, teras turutan lengkah nu sasuai pikeun ngirimkeunana.

Pikeun nambah geotag ka poto

1

Basa Anjeun keur nempo hiji poto, ketok layar pikeun mintonkeun tulbar, teras

ketok pikeun muka layar peta.

2

Panggihan tur ketok lokasi nu dipikahoyong pikeun nyimpen poto dina peta.

3

Pikeun ngaluyukeun poto, ketok lokasi dina peta di tempat di mana Anjeun

hoyong mindahkeun poto eta.

4

Basa Anjeun tos salse, ketok OKE pikeun nyimpen geotag jeung mulang ka

panempoan poto.

Sawaktos hiji poto dibere geotag, nembongan sareng inpo lokasi. Anjeun tiasa ngetok ikon

ieu pikeun nempo poto dina peta.

Pikeun mupus hiji poto

1

Sawaktos Anjeun keur nempo hiji poto, ketok layar pikeun mintonkeun tulbar,

teras ketok .

2

Ketok OKE.

Gawe sareng video dina Albeum

Pake Albeum pikeun lalajo video nu tos Anjeun rekam ku kamera, undeur, atawa tiron

ka kartu memori Anjeun. Anjeun oge bisa ngabagikeun video Anjeun ka babaturan,

atawa munggah video eta ka YouTube™.

76

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun muterkeun hiji video

1

Buka tab Gambar di Albeum.

2

Nganggo panempoan grid atawa panempoan daptar, teangan lokasi video nu

Anjeun hoyong buka.

3

Ketok hiji klip video kanggo muterkeunana.

4

Upami taya kadali puter balik nu ditembongkeun, ketok layar pikeun

mintonkeunana. Pikeun nyumputkeun kadali, ketok layar deui.

Ngarereuh hiji

1

Mun hiji video nuju diputer, toel layar kanggo mintonkeun kadali.

2

Toél .

Pikeun ngamajukeun gancang sareng ngamundurkeun hiji video

1

Mun hiji video nuju diputer, ketok layar kanggo mintonkeun kadali.

2

Sered pananda wagel video nu keur diputer ka kenca pikeun ngamundurkeun,

atawa ka katuhu kanggo ngamajukeun gancang.

Nyetél volumeu hiji video

Pencét konci volumeu.

Pikeun ngabagikeun hiji video

1

Sawaktos hiji video keur diputerkeun, pencet , teras ketok Bagikeun.

2

Dina menu nu muka, ketok aplikasi nu Anjeun hoyong pake pikeun

ngabagikeun video nu dipilih, teras turutan lengkah nu sasuai pikeun

ngirimkeunana.

Bisa jadi Anjeun teu tiasa niron, ngirim atawa nransfer item nu ditangtayungan ku hak cipta.

Oge, sababaraha item bisa jadi teu dikirim upami ukuran payil gede teuing.

Pikeun mupus hiji video

1

Dina Albeum, panggihan video nu Anjeun hoyong pupus.

2

Toel jeung tahan video pikeun ngaktipkeun mode pamilihan. Pigura gambar

leutik video berobah jadi warna bulao basa pigura eta dipilih.

3

Ketok , teras ketok OKE.