Inpormasi hukum
SonyC1505/C1504
Buku pituduh ieu dipedalkeun ku Sony Mobile Communications AB atawa perusahaan filial lokalna, tanpa aya
haransi. Perbaikan jeung perobahan ka Buku pituduh ieu diperlukeun kusabab kasalahan panulisan, inpo pang
anyarna nu teu akurat, atawa perbaikan program jeung/atawa peralatan, tiasa dijieun ku Sony Mobile
Communications AB sawaktu-waktu jeung tanpa bewara heula. Perobahan sapertos nu kitu, kumaha oge, bakal
dilebetkeun kana edisi anyar Buku pituduh ieu.
©Sony Mobile Communications AB, 2012.
Sadaya hak ditangtayungan.
Hape Anjeun gaduh kamampuhan pikeun ngundeur, nyimpen sareng neraskeun eusi tambihan, contona
rington. Nganggo eusi nu sapertos kitu bisa jadi diwatesan atanapi dicaram ku hak-hak pihak katilu, kaasup tapi
teu diwatesan ka watesan nu diatur ku hukum hak cipta nu lumaku. Anjeun, sanes Sony, nu nanggungjawaban
sapinuhna kanggo eusi tambahan nu Anjeun undeur ka atawa teruskeun ti hape Anjeun. Sateuacan nganggo
eusi tambahan nu mana wae, pariksa yen Anjeun tos gaduh lisensi atawa idin pikeun nganggo eta eusi. Sony
henteu ngajamin akurasi, integritas atawa kualitas ti eusi tambahan atawa eusi pihak katilu sejenna. Taya
kaayaan nu dimana Sony bakal sadia dina cara naon wae kanggo pamakeun teu bener ti eusi tambahan nu
atawa eusi ti pihak katilu.
Buku pituduh ieu bakal nuduhkeun ladenan atanapi aplikasi nu disayagikeun ku pihak katilu. Nganggo program
atanapi ladenan eta bakal meryogikeun pendaptaran anu misah ka panyadia pihak katilu tur bakal matuh ka
sarat pamakean tambahan. Kanggo aplikasi nu diakses dina atawa melalui situs web pihak-katilu, mangga
tinjau heula sababaraha sarat pamakean jeung kabijakan privasi nu manglaku tina situs web eta. Sony henteu
ngajamin atawa mere haransi kasadiaan atawa kamampuan situs web pihak katilu atawa ladenan nu
ditawarkeun sejenna.
Cabut batre pikeun ningali inpo peraturan saperti tanda CE.
Sakabeh produk sareng nami perusahaan nu disebutkeun di dieu mangrupakeun merek dagang atawa merek
dagang kadaptar ti nu bogana. Sadaya hak nu teu teges dinyatakeun di dieu tos ditangtayungan. Sadaya merek
dagang nu sejenna mangrupakeun hak milik masing-masing nu gaduhna.
Buka
www.sonymobile.com kanggo inpo nu lain.
Sagala ilustrasi ngan saukur kanggo ilustrasi jeung teu pasti peresis ngagambarkeun telepon nu sabenerna.
Produk ieu ditangtayungan ku hak cipta intelektual Microsoft nu tangtu. Pamakean atawa panyebaran teknologi
di luar ieu produk dilarang upami taya lisensi ti Microsoft.
Pamilik eusi nganggo teknologi pangaturan hak digital Windows Media (WMDRM) kanggo nangtayungan hak
milik intelektualna, kaasup hak cipta. Alat ieu make sofwer WMDRM kanggo ngakses ka eusi nu
ditangtayungan ku WMDRM. Upami sofwer WMDRM gagal ngajagi eusi, nu boga eusi bisa menta Microsoft
pikeun nyabut kamampuan sofwer pikeun make WMDRM kanggo muter atanapi nyalin eusi nu dijagi.
Panyabutan moal mangaruhan eusi nu teu dijagi. Sawaktos Anjeun ngundeur lisensi eusi nu dijagi, Anjeun
satuju yen Microsoft bisa ngalebetkeun hiji daptar panyabutan dina lisensina. Pamilik eusi bakal ngawajibkeun
Anjeun pikeun ngamutahirkeun WMDRM kanggo ngakses eusi Anjeunna. Upami Anjeun nampik pamutahiran,
Anjeun moal bisa ngakses eusi nu meryogikeun pamutahiran.
Produk ieu dilisensikeun dina lisensi portofolio visual MPEG-4 sareng paten AVC pikeun pamakean pribados
sareng non-komersil konsumen kanggo (i) nyandiaksarakeun (encoding) video supados matuh ka standar
visual MPEG-4 ("MPEG-4 video") atanapi standar AVC ("AVC video") sareng/atanapi (ii) ngawasandikeun
(decoding) video MPEG- 4 atanapi AVC anu disandiaksarakeun ku konsumen nu dina aktipitas pribados sareng
non-komersil sareng/atawa anu dicandak ti panyadia video anu dilisensikeun ku MPEG LA kanggo nyadiakeun
MPEG-4 sareng/atanapi AVC video. Teu aya lisensi nu dipasihkeun atanapi nu bakal diterapkeun kanggo
pamakean nu sanes. Inpormasi tambahan kaasup nu sahubungan ka kagiatan promosi, internal sareng
panganggoan komersil sareng ngalisensian tiasa di damel ti MPEG LA, L.L.C. tingali http://www.mpegla.com.
Teknologi MPEG Layer-3 audio decoding dilisensikeun ti Fraunhofer IIS sareng Thomson.
114
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.