Setelan kamera poto
Pikeun nyaluyukeun setelan kamera poto
1
Aktipkeun kamera.
2
Upami kamera poto teu dipilih, sered ka .
3
Ketok salah sahiji ikon setelan dina sisi kenca layar.
4
Pikeun mintonkeun sadaya setelan, pencet .
5
Pilih setelan nu Anjeun hoyong saluyukeun, teras edit sasuai nu dipikahoyong.
Ngaluyukeun panel setelan kamera poto
1
Sawaktu kamera kabuka, pencet pikeun mintonkeun sadaya setelan.
2
Toel sartatahan setelan nu hayang dipindahkeun ku anjeun sarta sered ka
posisi nu dipikahayang.
Upami anjeun nyered setelan kaluar ti panel setelan, perobahan eta dibolaykeun.
Tinjauan setelan kamera poto
Pamandangan
Pake pitur Pamandangan jang nyetel kamera ku cara gancang jang situasi umum
make pamandangan nu geus diprogram samemehna. Kamera nangtukeun jumlah
setelan kanggo Anjeun supados bisa cocog ka pamandangan nu dipilih, mastikeun
poto pangsaena nu bisa dicandak.
Pareum
Fitur Pamandangan dipareuman tur poto bisa dicandak sacara manual.
Adegan wengi
Pake sawaktos moto basa wengi atawa di lingkungan nu kirang cahaya. Kusabab waktu nampa
cahaya nu rada lila, kamera kudu dijejegkeun atawa disimpen dina tempat nu teu oyag.
Olahraga
Dipake kanggo moto objek anu usikna-gancang. Waktu nampa cahya nu pondok nyumputkeun gerak
nu kabur.
Nilai pencahayaan
Tangtukeun jumlah pencahayaan dina poto nu Anjeun hoyong candak. Nilei nu leuwih gede
nuduhkeun peningkatan jumlah cahaya.
Imbangan bodas
Setelan imbangan bodas nyaluyukeun kasaimbangan warna nurutkeun kondisi
pencahyaan.
Otomatis
Saluyukeun kasaimbangan warna sacara otomatis ka kondisi pencahyaan.
Cahayaan
68
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.
Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi pencahyaan nu haneut, saperti di handapeun
bohlam.
Caang
Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo pencahyaan fluoresensi.
Caang beurang
Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi di luar ruangan nu cerah.
Mendung
Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo langit nu berawan.
Pangatur waktu otomatis.
Sareng timer otomatis Anjeun bisa nyandak poto tanpa kudu nyekel telepon. Pake
jang nyandak poto-sorangan, atawa poto grup dimana sakabehna bisa dipoto. Anjeun
oge bisa make pangatur waktu otomatis supados kamera teu oyag lamun keur moto.
Hurung (10 detik)
Setel ka waktu reureuh 10 detik saenggeus kenop kamera dipencet nepi ka poto ngajepret sorangan.
Hurung (2 detik)
Setel ka waktu reureuh 2 detik saenggeus kenop kamera dipencet nepi ka poto ngajepret sorangan.
Pareum
Poto dicandak langsung sanggeus Anjeun mencet kenop kamera.
Geotagging
Tag poto sareng wincik tempat Anjeun nyandak poto eta.
Hurung
Mun geotagging dihurungkeun, kiraan lokasi geograpis ditambahkeun ka poto pas Anjeun moto.
Pikeun nganggo geotagging, Anjeun kedah ngaktipkeun fitur lokasi ti menu Setelan. Kanggo
nambahkeun geotag ka poto, lokasina kudu ditangtukeun heula saencan Anjeun moto. Lokasi Anjeun
ditangtukeun basa nembongan dina layar kamera. Sawaktos alat Anjeun keur neangan posisi
Anjeun, nembongan.
Pareum
Sawaktos geotagging dipareuman, Anjeun teu bisa nempo lokasi di mana Anjeun nyandak poto.
Metode nyandak poto
Pilih metodeu nu Anjeun pake pikeun nyandak poto.
Kenop dina layar
Candak poto ku cara ngetok tombol di-layar dina layar kamera. Poto dicandak langsung saatos
Anjeun ngaleupaskeun jari Anjeun.
Motret ku noel
Identipikasi wewengkon pokus nu biasa kucara noel layar kamera sareng jari Anjeun. Poto dicandak
langsung saatos Anjeun ngaleupaskeun jari Anjeun. Ieu ngan manglaku basa modeu pokus disetel ka
pokus rampa.
Kenop kamera wukul
Nyandak poto make kenop kamera hungkul. Poto dicandak langsung saatos
Anjeun ngaleupaskeun jari Anjeun.