Sony Xperia E - Nransferkeun kontak ka telepon anyar Anjeun

background image

Nransferkeun kontak ka telepon anyar Anjeun

Aya sababaraha cara pikeun nransferkuen kontak ka telepon anyar Anjeun. Pilih hiji

metodeu transper nu pangsaena cocog ka situasi Anjeun.

Nransferkeun kontak make PC

Anjeun bisa make PC pikeun nransfer kontak ti sababara merek telepon, kaasup

iPhone, Samsung, HTC jeung Nokia.

Anjeun butuh:

Hiji PC program Windows

®

nu disambungkeun ka-Internet

Kabel USB kanggo telepon lami Anjeun

43

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Kabel USB kanggo telepon Android™ Anjeun

Telepon lami Anjeun

Telepon Android™ anyar Anjeun

Make program PC Companion pikeun nransferkeun kontak

Upami Anjeun keur nransferkeun kontak nganggo PC, pake program PC Companion.

Ieu program haratis, jeung payil pamasangan tos disimpen dina telepon anyar Anjeun.

PC Companion oge nawiskeun rangkeian fitur sejenna, kaasup oge pitulung pikeun

apdet sofwer telepon Anjeun.

Pikeun masang PC Companion

1

Telepon anyar

: Aktipkeun telepon Android™ Anjeun tur sambungkeun ka PC

nganggo kabel USB.

2

Telepon anyar

: Ketok Pasang pikeun masang PC Companion ka PC Anjeun.

3

Komputer

: Upami jandela sembul nembongan, pilih

Run Startme.exe. Dina

jandela sembul anyar nu nembongan, klik

Install pikeun mimiti instalasi tur teras

turutan instruksi kanggo ngarengsekeun pamasangan eta.

Pikeun nransfer kontak ka telepon Anjeun nganggo PC Companion

1

Pastikeun PC Companion dipasangkeun ka PC Anjeun.

2

Buka program PC Companion dina PC, teras klik

Contacts Setup tur turutan

instruksi pikeun nransfer kontrak Anjeun.

Nransferkeun kontak nganggo komputer Apple® Mac®

Kanggo parentah nu wincik tentang kumaha carana pikeun make komputer Apple Mac

pikeun nransfer kontak ti telepon Anjeun nu lami, buka

Transfer your contacts.

Nransperkeun kontak nganggo akun singkronisasi

Telepon Anjeun bisa dipake sareng akun singkronisasi online terkenal sapertos
Google Sync™, Microsoft

®

Exchange ActiveSync

®

atawa Facebook™. Upami Anjeun

tos nyingkronkeun kontak dina telepon Anjeun nu lami atau komputer Anjeun nganggo

akun online, Anjeun tiasa nransfer kontak Anjeun ka telepon Anjeun ni anyar nu

nganggo akun eta. Kanggo inpo nu leuwih wincik tentang singkronisasi, tingal

Nyingkronkeun surelek, almenak sareng kontak perusahaan Anjeun

di kaca 97.

Pikeun nyingkronkeun kontak telepon Anjeun sareng hiji akun sinkronisasi

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok , teras ketok .

2

Pencet , teras ketok Setelan > Akun & singkronisasi.

3

Pikeun nyetel hiji akun singkronisasi, ketok Tambahkeun akun tur turutan

parentah dina-layar. Upami Anjeun tos nyetel hiji akun singkronisasi tur Anjeun

hoyong nyingkronkeun sareng akun eta, ketok akun eta, pencet , tur ketok

Singkronkeun ayeuna

.

Nransfer kontak tina kartu SIM

Pikeun ngimpor kontak tina kartu SIM

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok , teras ketok .

2

Pencet , teras ketok Impor kontak > Kartu SIM.

3

Upami Anjeun tos nyetel hiji akun sinkronisasi, Anjeun bisa milih pikeun

nambahkeun kontak kartu SIM dina akun eta. Atawa Anjeun bisa milih ngan

make kontak ieu di telepon. Pilih pilihan nu Anjeun hoyongkeun.

4

Pikeun ngimpor kontak individual, panggihan tur ketok kontak. Pikeun ngimpor

sadaya kontak, ketok Impor kabeh.

Nransfer kontak tina kartu memori

Pikeun ngimpor kontak tina kartu memori

44

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok , teras ketok .

2

Pencet , teras ketok Impor kontak > Kartu memori.

3

Upami Anjeun tos nyetel hiji akun singkronisasi, Anjeun bisa nambah kontak nu

diimpor ti kartu memori dina akun eta. Atawa Anjeun bisa milih ngan make

kontak nu diimpor di telepon. Pilih pilihan nu Anjeun hoyongkeun.

4

Upami Anjeun gaduh leuwih ti hiji payel vCard dina kartu Memori, hiji daptar

nembongan mintonkeun bets kontak telepon nu beda-beda, sareng kaping nu

berhubungan sareng waktos basa payel eta dijieun. Pilih bets nu Anjeun

hoyong impor.

Nampa kontak ti alat sejen

Pikeun nampa data kontak nu dikirim nganggo teknologi Bluetooth™

1

Pastikeun Anjeun tos ngahurungkeun pungsi Bluetooth™ tur telepon Anjeun tos

disetel ka bisa ditingali. Upami heunteu, Anjeun teu bisa nampa data tina alat

nu sejen.

2

Sawaktos Anjeun dipenta pikeun ngonfirmasikeun yen Anjeun hoyong nampa

payel eta, ketok Tampa.

3

Séred panel Bewara ka handap tur ketok payel nu Anjeun tampa pikeun

ngimpor data kontak.

Pikeun nampa kontak nu dikirim nganggo ladenan olahtalatah

1

Sawaktos Anjeun nampa hiji talatah teks anyar, talatah multimedia, atawa

talatah surelek, buka talatah eta.

2

Data kontak nu ditampa eta nembongan jadi gagantel vCard. Ketok, atawa toél

jeung tahan payel vCard eta pikeun muka hiji menu jadi Anjeun bisa nyimpen

data kontak eta.