Sony Xperia E - Akun sareng ladenan

background image

Akun sareng ladenan

Asup ka akun ladenan online Anjeun ti telepon Anjeun tur meunangkeun keuntungan

tina seueurna ladenan nu aya. Gabungkeun ladenan tur meunangkeun keuntungan nu

leuwih seueur deui. Contona, kumpulkeun kontak ti akun Google™ sareng

Facebook™ Anjeun tur gabungkeun kontak eta ka buku telepon Anjeun, jadi Anjeun

gaduh sakabeh kontak di hiji tempat.
Anjeun bisa asup ka ladenan online ti telepon Anjeun sareng ti komputer. Sawaktos

Anjeun pertama kali asup, hiji akun dijieun sareng ngaran nu make, kecap akses,

setelan sareng inpo pribadi Anjeun. Dina waktos salajengna basa Anjeun asup,

Anjeun meunangkeun pintonan nu dijieun sasuai ka kepribadian Anjeun.

Akun Google™

Gaduhan akun Google™ mangrupakeun konci pikeun make rangkaean aplikasi

sareng ladenan sareng telepon Android Anjeun. Anjeun butuh hiji akun Google™,

contona, pikeun make aplikasi Gmail™ dina telepon Anjeun, pikeun chat ka babaturan

nganggo Google Talk™, pikeun nyingkronkeun almenak telepon Anjeun sareng

Google Calendar™, sareng pikeun ngundeur aplikasi sareng kaulinan, film sareng

buku tina Google Play™.

Akun Microsoft

®

Exchange ActiveSync

®

Singkronkeun telepon Anjeun sareng akun Microsoft

®

Exchange ActiveSync

®

perusahaan Anjeun. Ku cara ieu, Anjeun nyimpen surelek, kontak sareng kajadian

almenak pagawean Anjeun sepanjang waktos.

Akun Facebook™

Facebook™ mangrupakeun ladenan jaringan sosial nu nyambungkeun Anjeun ka

babaturan, kulawarga sareng kolega Anjeun di sakuliling dunya. Setal Facebook

pikeun bisa dipake di telepon Anjeun jadi Anjeun bisa dihubungan ti mana wae.

12

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Akun SyncML™

Singkronkeun telepon Anjeun sareng hiji pangladen Internet nganggo SyncML™.

Nempo jeung ngatur kontak, kajadian almenak sareng tetengger tina telepon Anjeun

sagampil jiga Anjeun ngalakukeunana tina komputer.

13

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.