Sony Xperia E - Batre

background image

Batre

Ngecas batre

Batre telepon anjeun sabagean geus dieusi pas telepon dibeuli. Bakal butuh

sababaraha menit samemeh ikon batre kaluar dina layar pas anjeun

nyambungkeun kabel pangecas telepon ka sumber listrik, kawas port USB atawa

pangecas telepon. Anjeun masih keneh bisa make telepon basa telepon dicas.

Ngecas telepon lila teuing, upamana sapeupeuting, moal ngaruksak batre atawa

telepon.

Batre bakal mimiti ngurangan eusina saenggeus dieusi pinuh terus bakal ngeusi deui saengges

sababaraha lila pangecas telepon disambungkeun. Ieu teh ngarah umur batre panjang ku

kituna status pangeusian bakal nempokeun tingkat di handap 100 persen.

Pikeun ngeusi batre alat Anjeun

14

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

1

Colokkeun carjer ka sumber daya.

2

Colokkeun ujung nu sejen kabel USB ka carjer (atawa ka port USB dina

komputer).

3

Colokkeun oge ujung kabel sejenna ka liang micro USB dina alat Anjeun,

sareng lambang USB ngahadap ka luhur. LED status batre hurung basa ngeusi

batre dimimitian.

4

Basa LED status batre berwarna hejo, alat tos pinuh dieusi batrena. Pegatkeun

sambungan kabel USB ti alat Anjeun ku cara langsung nyabut kabel eta kaluar.

Pastikeun teu ngabengkokkeun konektor lamun ngaleupakeun kabel ti alat.

Upami batre tos bener-bener beak eusina, bakal butuh sababaraha menit kanggo LED hurung

saatos Anjeun nyambungkeun kebel carjer ka sumber daya.

Status LED batre

Hejo

Batre tos dieusi pinuh

Beureum ngiceup

Batre lemah

Oranyeu

Batre nuju dieusi. Eusi batre aya di antara lemah sareng pinuh

Mariksa tingkat batre

1

Ti Layar Utama, ketok .

2

Teang terus ketok Setelan > Ihwal telepon > Status > Batre lepel.

Ningkatkeun kamampuan batre

Tips di handap ieu bisa mantuan Anjeun ningkatkeun kamampuan batre:

Sing sering ngeusi batre alat Anjeun. Ieu bakal moal mangaruhan dangka waktu

batre.

Ngundeur data ti Internet teh ngabeakkeun daya. Sawaktos Anjeun keur teu make

Internet, Anjeun bisa nyimpen daya kucara nganonaktipkeun sakabeh koneksi data

tina jaringan mobile. Anjeun tiasa ngalakukeun ieu ti Setelan > Lainna... > Jaringan

mobile

> Patalimarga data. Setelan ieu teu nyegah alat Anjeun ti ngalirkeun data

liwat jaringan nirkabel sejenna.

Pareuman GPS, Bluetooth™ sareng Wi-Fi® sawaktos Anjeun teu ngabutuhkeun fitur

ieu. Anjeun bisa leuwih gampang ngaktipkeun sareng mareuman fitur eta ku cara

nambahkeun widget Setelan gancang ka Layar Utama Anjeun. Anjeun teu kudu

mareuman 3G.

Setel aplikasi singkronisasi Anjeun (nu dipake kanggo nyingkronkeun surelek,

almenak sareng kontak Anjeun) ka nyingkronkeun ku cara manual. Anjeun oge bisa

nyingkronkeun ku cara otomatis, tapi tambahkeun interpal singkronisasina.

Cek menu pamakean batre dina alat pikeun ningali aplikasi mana nu make daya

panggedena. Batre Anjeun butuh daya nu leuwih gede sawaktos Anjeun make

aplikasi streaming video sareng musik, sapertos YouTube™. Sababaraha aplikasi

Android Market™ oge ngabutuhkeun daya nu leuwih gede.

Tutup tur kaluar ti aplikasi nu teu Anjeun pake.

Turunkeun tingkat kacaangan pintonan layar.

Pareuman alat Anjeun atawa pake Modeu pesawat upami Anjeun keur aya di hiji

wewengkon nu taya jangkauan jaringanana. Upami teu kitu, alat Anjeun bakal terus-

terusan nyeken jaringan nu sadia, tur ieu ngabeakkeun daya.

Pake alat handsfree asli Sony pikeun ngadengekeun musik. Alat handsfree

ngabutuhkeun daya batre nu saeutik tibatan speaker alat.

Jieun alat Anjeun dina mode sayaga sabisana. Waktu sayaga maksudna waktos

salami alat disambungkeun ka jaringan tapi keur teu dipake.

Ngakses menu pamakean batre

1

Ti Layar Utama, ketok .

2

Teang terus ketok Setelan > Batre jang nempo aplikasi mana nu dipasang nu

meakkeun daya batre pangreana.

15

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun nambahkeun Widget lalu lintas data ka layar Utama Anjeun

1

Tina Layar Utama Anjeun, pencet .

2

Ketok Tambahkeun > Widget > Alat.

3

Sintreuk katuhu pikeun manggihan tur milij widget Lalu lintas data. Anjeun

ayeuna tiasa ngahurungkeun sareng mareuman koneksi data leuwih gampang

deui.

Pikeun nambah widget setelan Gancang ka layar Utama Anjeun

1

Tina Layar Utama Anjeun, pencet .

2

Ketok Tambahkeun > Widget > Alat.

3

Pilih widget Setelan rusuh.

Ngurangkeun pamakean batre sareng Power Saver

Pake modeu hemat daya setelan pikeun ngatur aplikasi pamakean daya tur

ngurangkeun pamakean batre. Sareng Power Saver, anjeun tiasa nyaluyukeun

setélan dina unggal modeu hemat daya jeung cara anjeun make telepon.

Ngaptipkeun modeu hemat daya

1

Ti Layar Utama anjeun, ketok .

2

Teang teras ketok Hemat Daya.

3

Ketok lambang di gigireun modeu hemat daya nu hoyong diaktipkeun.

Mareuman modeu hemat daya

1

Ti Layar Utama anjeun, ketok .

2

Teang teras ketok Hemat Daya.

3

Ketok ikon anu bercahya di gigireun mode hemat daya aktip keur

mareumanana.

Pikeun ngarobah setelan kanggo mode ngahemat daya

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Hemat Daya.

3

Pikeun muka menu setelan, ketok ngaran mode ngahemat daya.

4

Saluyukeun setelan nu dipikahoyong pikeun ngahemat daya.

5

Ketok .

Pikeun mintonkeun bewara panghemat daya,

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggih jeung ketok Hemat Daya.

3

Ketok .

4

Cirian checkbox Bar status.