Ngakses jeung make aplikasi
Buka aplikasi ti potong kompas dina Layar Utama Anjeun atawa ti layar Aplikasi.
Layar aplikasi
Layar Aplikasi, nu Anjeun buka tina Layar Utama Anjeun, ngandung aplikasi nu tos
dipasang dina telepon Anjeun kitu oge sareng aplikasi nu Anjeun undeur.
Layar aplikasi manjangan leuwih ti lebar layar nu biasana, jadi Anjeun kudu nyintreuk
ka kenca sareng ka katuhu pikeun nempo sakabeh eusi.
Pikeun muka layar Aplikasi
•
Tina Layar Utama Anjeun, ketok .
Pikeun ngotektak layar Aplikasi
•
Buka layar Aplikasi, teras sintreuk ka katuhu atawa ka kenca.
Pikeun nyieun potong kompas ka hiji aplikasi dina layar Utama
1
Tina Layar Utama Anjeun, ketok .
2
Toél jeung tahan hiji aplikasi nepi ka nembongan dina Layar Utama Anjeun,
teras séred ka lokasi nu dipikahoyong.
Ngabagikeun aplikasi ti layar Aplikasi
1
Ti Layar Utama, ketok .
2
Rampa terus tahan aplikasi nepi ka mucunghul di Layar Utama, terus sered
komponen ka
.
3
Pilih hiji opsi terus pastikeun, lamun perlu. Ayeuna anjeun bisa ngabagikeun
aplikasi nu dipikaresep jeung babaturan, ngarah bisa diundeur jeung dipake.
Muka sareng nutup aplikasi
Pikeun muka hiji aplikasi
•
Tina Layar Utama Anjeun atawa layar Aplikasi, ketok aplikasina.
21
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.
Pikeun nutup hiji aplikasi
•
Pencet .
Sababaraha aplikasi direureuhkeun sawaktos Anjeun mencet pikeun kaluar, samentawis
aplikasi nu sejen bisa diteruskeun pikeun jalan di latar tukang. Dina kasus nu pertama, di
waktu nu sanes Anjeun muka aplikasi, Anjeun bisa neruskeun aplikasi nu Anjeun antepkeun
kiwari. Inget yen sababaraha aplikasi bisa nyieun bea sambungan data basa keur dijalankeun
dina layar tukang, contona, ladenan jaringan sosial.
Jandéla aplikasi nu anyar dianggo
Anjeun tiasa ningali teras aseup ka aplikasi nu anyar dianggo tina jandéla ieu.
Pikeun muka jandela aplikasi anu nembe dipake
•
Pencét jeung tahan .
Ménu aplikasi
Ménu tiasa dibuka iraha waé basa Anjeun nganggo aplikasi ku cara mencét kenop
dina télépon. Pintonan ménu bakal béda-béda gumantung ka aplikasi nu dianggo.
Muka ménu di aplikasi
•
Pas nganggo aplikasi, pencét .
Teu sadaya aplikasi aya ménuna.
Nyusun ulang layar Aplikasi Anjeun
Pindahkeun aplikasi di layar Aplikasi sasuai sareng karesep Anjeun.
Nyusun aplikasi di layar Aplikasi
1
Ti Layar Utamaanjeun, ketok pikeun pindah ka layar Application.
2
Ketok sarta pilih hiji pilihan.
Pikeun mindahkeun hiji aplikasi dina layar Aplikasi
1
Buka layar Aplikasi, teras ketok .
2
Toél jeung tahan hiji item nepi ka ngagedean tur telepon ngageter, teras séred
item eta ka lokasi nu anyar.
3
Ketok pikeun kaluar ti modeu edit.
Anjeun ngan bisa mindahleun aplikasi Anjeun sawaktos dipilih.
Mupus aplikasi ti layar Aplikasi
1
Ti Layar Utama anjeun, ketok .
2
Ketok . Sadaya aplikasi nu bisa dipupus dicirian ku ikon .
3
Ketok aplikasi nu hayang dipupus, terus ketok OKE.