Nganggo layar rampa
Hiji lembar plastik pelindung digantelkeun ka layar telepon Anjeun sawaktos dibeli ku
Anjeun. Anjeun kudu nyoekkeun lembar plastik ieu samemeh make layar rampa.
Lamun teu kitu, layar rampa bisa jadi teu bisa berpungsi bener.
Sawaktos telepon Anjeun dihurungkeun tur dianggurkeun pikeun saperiode waktu,
layar bakal moekan pikeun ngahemat daya batre, tur otomatis ngonci. Konci ieu
nyegah tindakan nu teu dihoyongkeun dina layar rampa sawaktos Anjeun keur teu
make telepon. Anjeun oge bisa nyetel kunci pribadi pikeun ngajagaan langganan
Anjeun jeung mastikeun ngan saukur Anjeun nu bisa ngakses ka telepon Anjeun.
Layar telepon Anjeun dijieun tina kaca. Ulah noel layar upami kacana retak atau beulah. Ulah
nyobaan ngabenerkeun sorangan layar nu reksak. Layar kaca sensitip kana labuh sareng
goncangan mekanik. Kasus perawatwan nu teu bener teu dilindungan ku laden haransi Sony.
Ngabuka atawa nyorot hiji aitem
•
Toél aitem.
16
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.
Nyirian pilihan
Kotak centang nu dicirian
Kotak centang nu dibuka tetenggerna
Pilihan daptar nu dicirian
Pilihan daptar nu dibuka tetenggerna
Pikeun nyirian atawa muka tetengger pilihan
•
Ketok kotak centang atawa pilihan daptar nu sasuai.
Ngazum
Pilihan ngazum nu sadia gumantung kana aplikasi nu Anjeun anggo.
Ngazum
•
Upami sadia, toel
atawa
pikeun ngazum gede atawa ngazum leutik.
Anjeun bisa nyered (ka sagala arah) pikeun nyieun ikon zum nembongan.
Pikeun ngazum ku dua jari
•
Teundeun dua jari dina layar sakaligus tur rapetkeun kadua jari eta (pikeun
ngazum leutik) atawa lebarkeun kadua jari eta (pikeun ngazum gede).
Pake pungsi zum sawaktos nempo poto sareng peta, atawa basa keur ngotektak web.
Ngagulung
Gulung ku cara ngagerakkeun jari anjeun ka luhur atawa ka handap dina layar. Dina
sababaraha kaca wéb anjeun oge bisa ngagulung ka sisi.
Nyeret atawa nyintreuk moal bisa ngaktipkeun nanaon dina layar.
17
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.
Ngagulung
•
Sered atawa sitreuk jari anjeun di arah anjeun hayang ngagulung dina layar.
Pikeun leuwih gancang ngagulung, sintreuk jari anjeun di arah nu dipikahayang ku anjeun dina
layar.
Pikeun nyintreuk
•
Pikeun ngagulung nu leuwih gancang, sintreuk jari Anjeun di arah nu Anjeun
hoyong dina layar. Anjeun bisa ngadagoan kanggo gerakan ngagulung eureun
ku sorangan, atawa Anjeun bisa langsung ngeureunkeunana ku cara ngetok
layar.
Sensor
Alat Anjeun gaduh sensor nu ngadeteksi jarak. Sensor jarak nganonaktipkeun layar
toel salami telepon sora basa ceuli Anjeun deukeut ka layar. Ieu nyegah Anjeun teu
ngahaja ngaktipkeun pungsi alat nu sejen pas Anjeun keur aya sauran.