Setelan jaringan seluler
Telepon Anjeun sacara otomatis pindah antara jaringan seleluer gumantung ka
jaringan seluler naon nu sadia di wewengkon nu beda-beda. Anjeun oge tiasa nyetel
telepon Anjeun sacara manual pikeun ngakses tipeu jaringan seluler husus, contona,
WCDMA atawa GSM.
34
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.
Pikeun milih tipeu jaringan
1
Tina Layar Utama Anjeun, ketok .
2
Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.
3
Ketok Modeu jaringan.
4
Pilih hiji tipeu jaringan.
Pikeun milih jaringan nu sanes ku cara manual
1
Tina Layar Utama, ketok .
2
Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile > Jaringan
operator
.
3
Sawaktos jandela mecenghul nembongan, ketok Modeu teang > Manual.
4
Pilih jaringan.
Upami Anjeun milih hiji jaringan ku cara manual, telepon Anjeun moal bakal neangan jaringan
nu sejen, sanajan upami Anjeun mindahkeun rentang jaringan nu dipilih sacara manual.
Ngaktipkeun pilihan jaringan otomatis
1
Tina Layar Utama, ketok .
2
Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile > Jaringan
operator
.
3
Sawaktos jandela mecenghul nembongan, ketok Modeu teang.
4
Ketok Otomatis.
Mareuma lalu lintas data
Anjeun bisa nga-nonaktipkeun sakabeh koneksi data dina jaringan 2G/3G sareng
telepon anjeun pikeun nyegah ti ngundeur jeung nyinkronkeun data nu teu
dihoyongkeun. Taros operator jaringan Anjeun lamun Anjeun peryogi inpo nu
langkung lengkep ihwal paket ngalanggan sareng béa lalu lintas data.
Sawaktos lalu lintas data dipareuman, anjeun masih bisa make koneksi Wi-Fi™ jeung
Bluetooth™. Anjeun oge bisa ngirim jeung nampa talatah multimedia.
Mareuman kabeh lalu lintas data
1
Ti Layar Utama, ketok .
2
Teang terus ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.
3
Pupus kotak centang Patalimarga data.
Roaming data
Tergantung ka operator jaringan Anjeun, bisa jadi operator eta ngidinan koneksi data
mobile liwat 2G/3G diluar jaringan asal anjeun (roaming). Catet yen bakal aya tagihan
transmisi data. Kontak operator jaringan Anjeun kanggo inpo nu leuwih lengkep.
Aplikasi kadang nganggo koneksi internet dina jaringan asal Anjeun tanpa aya bewara heula,
contona, sawaktos ngirim parmentaan kanggo milarian jeung nyinkronkeun. Bea tambahan
bisa jadi aya kanggo roaming data. Konsultasikeun sareng panyadia ladenan Anjeun.
Ngaktipkeun roaming data
1
Ti Layar Utama, ketok .
2
Teang tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.
3
Cirian kotak centang Roaming data.
Anjeun teu bisa ngaktipkeun roaming data lamun koneksi data geus dinonaktipkeun
35
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.